Pages

Labels

Selasa, 18 November 2014

Baru terpikir. Setiap hari kita berucap. Ada seribu bahkan lebih, kata yang keluar dari mulut kita. Tapi pernah tidak kita berpikir kalau setiap kata yg kita ucapkan itu bermanfaat. Hmm terkadang kita tidak tahu bahkan lupa dengan apa yang kita ucapkan pada hari ini. Dan terkadang mulut kita tidak bisa memilih kata yang akan keluar. Apa yang kita pikirkan maka itulah yang terucap. Tapi terkadang apa yg kita pikirkan belum tentu sesuai dengan apa yg kita ucapkan. Hanya melalui kata orang bisa terluka dan hanya lewat kata orang bisa mengerti. Kata atau ucapan hal yg sangat penting bagi manusia tapi terkadang lewat kata pula orang bisa lupa akan jati dirinya. Kata bisa menjadi pedang untuk pemiliknya dan kata juga bisa jadi sanjungan untuk empunya. Hanya lewat kata kadang bisa merubah dunia. Hari ini pun aku tidak tahu kata yg keluar dari mulutku baik atau tidak.
Itu baru sebuah kata dan hanya dari kata.
Maha Besar Allah dengan segala kekuasaannya..

Rabu, 12 November 2014

Artikel Budaya

‘’TATANÉN NGAHUMA’’

Indonésia dipikawanoh ku balaréa salaku nagara agraris, lantaran masarakat Indonésia rata-rata ngandelkeun hirupna tina widang tatanén atawa ngolah tanah, boh di dataran rendah atawa sawah, boh di daérah pabukitan atawa huma. Masarakat Indonésia nyekel prinsip hirup kudu produktif atawa kudu bisa ngahasilkeun.
Pikeun masarakat Sunda mah tatanén lain hal nu anéh. Sabab nilik kana kahirupan sapopoéna, pakasaban utama pikeun masarakat Sunda nya éta tatanén. Masarakat Sunda bisa dibagi jadi tilu kelompok nya éta masarakat huma, masarakat sawah, jeung masarakat basisir.
Kagiatan tatanén nu nyampak di masarakat Sunda téh nya éta ngahuma. Umumna panghasilan tina ngahuma bisa nyumponan pikeun kahirupan sapopoé. Prosés atawa prak-prakan tatanén ngahuma béda jeung prosés melak paré di sawah, sabab sistem ngahuma mah mangrupa prosés ngagarap tanah sacara tradisional nu ngabutuhkeun waktu panjang sarta ngabutuhkeun itungan waktu nu luyu jeung usumna.
 Ngahuma dina sataun ngan dilaksanakeun sakali dina itungan bulan kalmia nepi ka bulan katujuh (kapitu) mangsa panén, béda jeung di sawah bisa dua nepi ka tilu kali dina prosés ngagarapna. Dina bulan kalmia biasana geus mimiti usum mijih, hartina cai curcor ti mana-mana, sarta angin niup ti beulah kalér bareng jeung hujan, hartina patani siap pikeun ngagarap pihumaeunnana.  Prosés ngahuma ieu sacara gurat badagna ngawengku kagiatan tatahar (ngolah tanah), melak, ngurus, nepi ka mangsa panén.
Kagiatan ngahuma dimimitian ku kagiatan ngolah tanah, kagiatan ieu dimimitian ku mérésan (meresihan) huma tina tatangkalan gedé jeungn tutuwuhan maké kampak jeung bedog. Biasana kagiatan ieu téh disebut nyacar. Sabada nyacar terus huma diberesihan tina tutuwuhan anu geus garing, prosés ieu biasana disebut ngarag atawa miceun runtah. Runtah nu geus garing terus diduruk nepi ka beresih. Huma nu geus beresih tina runtah nu geus diduruk biasana diantepkeun heula sangkan taneuh tiis, sanggeus taneuh tiis tuluy dipacul sarta digarpuh, dina tahap macul ieu biasana taneuh dipacul nepi ka sababaraha kali supaya taneuh alus nalika dipelakan, tahap ieu disebut tahap ngalelemes. Sabada dilelemes, taneuh terus disambut atawa digarit maké caplak, fungsina pikeun ngarapihkeun taneuh sangkan babari nalika dipelakan.
Kagiatan nu kadua nya éta melak atawa ngaseuk biasana dilakukeun sabada taneuh huma geus digarit atawa dijalur. Ngaseuk nya éta ngaliangan taneuh ku cara nancebkeun aseuk, pakakas nu dijieun tina kai nu panjangna kira-kira saméter satengan nu tungtung kaina rada méncos. Dina prosés ngaseuk jarak ti liang ka liang kira-kira 20 nepi ka 25 cm, paré nu dipelakeun kira-kira 3-5 siki sapatokna. Paré nu geus diaseuk terus disaeuran, gunanana pikeun nutup liang nu geus dipelakan ku paré sangkan teu diacak-acak ku manuk. Salain ti melak paré biasana di huma sok dipélakan ku rupa-rupa beubeutian saperti jagong, sampeu, palawija jeung suuk, nu biasa disebut tumpang sari.
Sabada ngaseuk biasana huma diantepkeun nepi ka umur 3 atawa 4 minggu. Sanggeus paré umur 3 atawa 4 minggu tuluy paré dioyos. Ari  ngoyos téh nya kagiatan meresihan paré tina tutuwuhan nu ngarangrangan kana paré, alat nu dipaké ngoyos biasana arit .
Dina kagiatan katilu nya éta ngurus. Dina kagiatan ngurus biasana ngoyos  dilakukeun dua kali pikeun bener-bener mastikeun paré beresih tina tutuwuhan, prosés ieu sok disebut ngoyos mulihan. Sabada ngoyos mulihan, biasana sok dilakukeun kagiatan ngoréd. Sabenerna prosés ngoréd jeung ngoyos teu jauh béda, fungsina téh pikeun meresihan huma tina tutuwuhan nu ngaganggu kana paré. Alat nu dipaké noréd sarua jeung nu dipaké ngoyos nya éta koréd atawa congkrang.
Sanggeus paré maték, biasana sok langsung ngabérak atawa méré gemuk ilaharna gemuk nu dipaké nya éta TS jeung KCL atawa orea. Sanggeus paré malikas atawa beukah, paré disemprot maké pestisida pikeun miceun hama manuk, simeut, beurit, kuuk, kungkang jrrd. Nu biasa ngaganggu kana prosés patétan bijilna sirung paré.
Salila nungguan paré gedé, biasana sok diselang ku pepelakan séjén nu biasa disebut tumpangsari. Tutuwuhan nu dipélak biasana palawija, beubeutian, jagong, kacang, jrrd.
Panén atawa dibuat biasana dilaksanakeun saupama paré geus konéng. Dina prosés panén ilaharna paré diala ngagunakeun étem, tapi kaayeunakeun geus jarang masarakat nu ngagunakeun étem lolobana sok ngagunakeun arit leutik. Paré nu geus garing biasana ditalian sapocong-sapocong satuluyna ditunda di leuit.

Sabada panén lahan huma sok diantepkeun nepi ka taneuh siap dipelakan deui. Waktu pikeun malikeun kasuburan lahan huma teu bisa ditangtukeun, bisa waé lahan huma nu geus digarap ayeuna digarap deui dua atawa tilu taun ka hareup biasana lahan éta téh disebut jami.

Daftar pustaka

Danadibrata, R. A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: Kiblat.
Danasasmita, S. (2012). Nyukcruk Sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Bandung: Girimukti.
Ekadjati, E. (2005). Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan Sejarah) Jilid 1. Jakarta: Pustaka Jaya.
Hidayat, R, dkk.,. (2007).  Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat.
Koentjaraningrat. (1985). Kebudayaan, Mentalitas Dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia.

Sabtu, 02 November 2013

Pada dasarnya kebudayaan itu bisa dikatakan hidup jika kita sebagai manusia menyadari kebudayaan tersebut. Banyak yang yang menanyakan apa itu kebudayaan..? menurut saya pribadi, kebudayaan itu hasil dari karya cipta manusia yang dapat dinikmati bukan hanya untuk dirinya pribadi. Seperti kata Koenjaraningrat,(1985 : 1), bahwa pada dasarnya banyak para ahli ilmu sosial yg mengartikan konsep kebudayaan itu sebagai seluruh total dari pikiran, karya, dan hasil karya karya manusia.
 Cintailah budayamu sendiri sebelum budayamu hilang diambil orang..

Rabu, 12 Juni 2013

Sajak 1

Aya carita nu can kungsi kaguar dina mangsa katukang..
Aya beja nu can tepi kana mangsana..
Carita nu can cacap, beja nu can kaharti..
Duka iraha, ieu carita anjog kan nu diseja..

Carita nu pinuh ku rusiah kahirupan..
Beja ngan ukur beja.. 
Beja nu can puguh eusina..
Sugan jaga bakal kasorang,
Sugan jaga bakal kaharti..

Minggu, 09 Juni 2013

Sajak 2

Aya carita nu can kungsi kaguar dina mangsa katukang..
Aya beja nu can tepi kana mangsana..
Carita nu can cacap, beja nu can kaharti..
Duka iraha, ieu carita anjog kan nu diseja..

Carita nu pinuh ku rusiah kahirupan..
Beja ngan ukur beja.. 
Beja nu can puguh eusina..
Sugan jaga bakal kasorang,
Sugan jaga bakal kaharti..

Sabtu, 08 Juni 2013

Isola Pagi

Cuaca yang cerah menuntunku berjalan kesuatu tempat pagi ini, tapi entah mengapa kakiku berbalik arah menuju tempat yg bukan menjadi tujuanku. Aku berdiri dan melihat sekeliling, banyak sekali orang disini pikirku dalam hati, ohh ia hari ini weekand, biasanya kampus memang penuh ketika weekand datang apa lg tempat ini, tempat yg menjadi salah satu tujuan orang-orang untuk berfoto atau untuk sekedar berdiam diri menikmati indahnya kota Bandung. Hmm..Sang Surya pun sepertinya sedang asik menunjukan kekuatannya pagi ini he.. sehingga memberikan sengatan yg luar biasa. Aku berjalan menuruni anak tangga menuju tempat favoritku . Aku melihat ada beberapa orang yang sedang mengambil foto di tempat itu. Sudahlah tak usah aku hiraukan orang-orang itu he..
kuambil posisi duduk menghadap ke depan kolam ikan. yaahh kolam ikan yg dulu pernah aku ceritakan..:) sayang pagi ini aku gak bawa makanan kecil untuk diberikan. Isola memang indah tak kalah indah ketika pagi hari gumamku dalam hati..
udara yang sejuk selalu bisa kalian dapat disini, Pohon-pohon besar yg masih terawat, taman bunga yg semakin hari semakin indah, kolam ikan, Gedung Putih yang gagah dan berdiri kokoh menambah indah pesonamu..Sayang sedikit demi sedikit gedung itu mengalami perubahan, tak seperti dulu lagi. Jam menunjukan pukul 09.56 ketika hpku berbunyi. aku tersenyum membaca isi smsnya he..ternyata teman-temanku disana sudah menungguku lama. Segera ku bergegas pergi ketempat yang memang menjadi tujuanku pagi ini..
sungguh suatu kebetulan yang luar biasa pagi ini aku bisa mengunjungi mu kembali setelah sekian lama..

Minggu, 19 Mei 2013

Sajak asih

Tuh di ditu..
Di tempat itu, harita basa girimis munggaran turun maseuhan taneuh nu keur hanaang.
Bari imut anjeunna muka carita, harewosna masih keneh karasa, hawar-hawar kabawa ku angin nu anteng maturan.
Sajajalan ngan sora lengkah nu silih tembalalan jeung keclakna ci hujan.
Tuh di ditu..
Handapeun lalangit sore, harita basa urang silih ngedalkeun rasa..
Harita basa lengkah urang munggaran, paduduaan nyacapkeun rasa, malidkeun rasa kasono..
Tuh di ditu..
Tempat nu jadi saksi basa urang pasini pakait ati..
Di dinya aya rasa, rasa nu ngamuara dina jero dada..
Duaan nyulam carita, carita urang duaan..
Enya di dieu, di tempat ieu, harita basa katumbiri melengkung luhureun gunung.
Anjeun wakca aya rasa nu sarua..

 
Free Bulls Eye Purple Cursors at www.totallyfreecursors.com

Postingan Populer