Pages

Labels

Sabtu, 27 November 2010

SITUS GUNUNG PADANG CIANJUR

SITUS  GUNUNG PADANG CIANJUR

Situs Gunung Padang mangrypa situs Megalitikum.arti tina gunung padang éta sorangan nyaéta bias disebut ‘’tempat agung para karuhun’’anu dipercaya ku masyarakat didinya baheulana éta tempat téh pikeun tempat sesembahan.
Situs Gunung Padang nu aya di kampung gunung padang jeung kampung panggulan,desa Karyamukti,kecamatan campaka,kabupaten cianjur,mangrupa salasahiji situs megalitik anu bangunana mangrupa punden berundak.ieu situs téh panggedéna di Asia Tenggara.ieu bias di tinggali tina luas bangunan purbakalana sakitar 900 meter persegi jeung luas area situsna kurang leuwih 3 hektar.
Rute nu bias di liwatan sangkan tepi ka gunung padang aya dua rute nyaéta:
1.      bias nyokot jalan Pal dua anu jalanna ka Cianjur-Sukabumi-terus ti desa warungkondang mengkol ka katuhu-ka cipadang-cibokor-lampegan-paldua-ciwangin-cimanggu-terus gunung padang.rute (2)nyaéta nyokot jalan ka Tegal sereh,ti Cianjur-Sukabumi-Sukaraja-mengkol ka kenca ka Cireunghas-cibenteng-rawagedé-sukamukti-cipanggulan-terus gunung padang.

2.      Situs gunung padang di bagi jadi 5 teras,anu ukuran batuna beda-beda.di teras ka hiji batuna gararedé,di teras satuluyna mah laleutik.batu-batu nu aya can pernah kacabak ku leungun manusa atawa can di robah-robah posisi aslina.di tiap teras aya sababaraha batu nu beda jeung nu lian diantarana :

1)      di teras kahiji masyarakat sok nyebut teras ieu nyaéta teras panyambutan.di teras ieu aya nu di sebut batu meja atawa batu goong,lantran bentukna sarua jeung goong jeung sora batuna ogé sarua ciga sora goong.salian ti batu goong,di teras ieu aya nu di sebut batu gamelan
2)      di teras kadua,aya batu leuit (lumbung) jeung batu korsi
3)      di teras katilu,aya batu nu di luhurna aya tapak guratan kujang atawa keris,jeung batu nu diluhurna aya tapak suku harimau.
4)      di teras kaopat,aya batu gendong.Masyarakat percaya lamun bias ngangkat batu ieu sagala hajatna bakal di Kabul.tapi teu kabeh jalma bias ngangkat ieu batu,kur jalma nu boga hate beresih nu bias ngangkat.
5)      di teras nu kalmia nyaéta teras nu terakhir aya batu pandalingan,batu ieu beda jeung batu-batu nu aya di teras nu sejena,ukuran batuna beda jeung posisina di kulilingan ku batu laleutik.
Salian ti eta jumlah tetecean asup jeung ka luar ogé beda,tétécean asup jumlahna kurang leuwih aya 378 tétécean,sedengkeun panto kaluar aya kurang leuwih 503 tétécean.
Wangunan berundak gunung padang awalna mah ka panggih ku 3 masyarakat asli kampung éta nu keur muka pasir(bukit),3 penduduk éta  Endi,Soma,jeung Abidin harita manggih batu anu ukurana gedé sarta bentukna pasagi panjang.Peristiwa éta langsung di laporkeun ka Edi salaku penilik kebudayaan kecamatan campaka anu di barengan ku R.Adang suwanda,kapala seksi kebudayaan,Departemen pendidikan kabupaten Cianjur anu langsung ngayakeun panalungtikan dina taun 1979.Ti saprak harita dilakukeun panalungtikan terus terusan ku Tim peneliti ti DIT P3SP.Situs gunung padang mangrupa temuan anu cukup penting,lantaran bias di jadikeun pikeun studi banding dina panalungtikan bangunanan berundak di Indonesia.
Situs gunung padang téh aya di luhureun pasir(bukit) anu manjang ka arah tenggara kulon laut  885 meter luhureun laut.situs ieu di kulilingan ku pasir-pasir,diantarana ti belah tenggara gunung Malati,ti belah wetan laut pasir malang,ti belah kulon laut pasir pogor jeung pasri  gomong,ti belah kulon daya pasir empat jeung gunung karuhun.Batu-batu nu aya di situs ieu mabgrupa batu Andesit anu ngandung kadar beusui tinggi.posisi gunung padang nyanghareup ka gunung gedé.Aya nu nyebutkeun situs gunung padang aya dina masa prabu siliwangi ti karajaan sunda sakitar abad ka-15,alatan ayana ukiran dina batu mangrupa guratan kujang jeung tapak suku harimau.Tapi para ahli Arkeologi ngabogaan anggapan yén situs gunung padang ieu umurna sakitar 1500 SM.hal ieu di tinggali tina bentuk Monumental megalit jeung catetan sajarah lalampahan salasaurang bangsawan ti karajaan sunda, Bujanggamanik, anu samasa jeung prabu siliwangi.tapi dina sajarah bujanggamanik henteu disebutkeun ayana situs ieu.
Nu unik ti situs ieu nyaéta,ayana batu gamelan.Batu ieu geus di talungtik ku sababaraha ahli nu kabehanana nyindekeun yén aya tilu batu nu bias ngaluarkeun sora( nada) musik
(pitch) anu frekwensina ti 2600-5200 Khz.Tina ha lieu bias katinggali masyarakat alam harita geus wanoh kana music jeung make tatabeuhan pikeun upacara ritual. Konon ceuk masyarakat nu aya di handapeun situs,masih keneh sok kadengé sora-sora tatabeuhan ti situs lamun tengah peuting.tapi teu unggal peuting bias kadengé sora tatabeuhan ngan ukur peuting-peuting nu di anggap sakral.



0 komentar:

Posting Komentar

 
Free Bulls Eye Purple Cursors at www.totallyfreecursors.com

Postingan Populer