Pages

Labels

Sabtu, 19 Mei 2012

Dangdanggula

Ayun Ambing, diayun kusamping.. 
Anteng kagambar Asih salira. 
Lir cahya nu terus tembong 
Nembongkeun kukuh pengkuh. 
Nu ngawasa asih sajati. 
Nu moal ilang sirna. 
Nu terus gumulung. 
Atra asih salira. 
Aduh Indung,Anjeun teh Istri sajati.. 
Nu bela na sangsara.. 

Kamis, 17 Mei 2012

Asmarandana

Hirup teh masing tarapti.. 
Mangka apik kana banda.. 
Kana amal ulah poho.. 
Ibadahna sing daria.. 
Keur bekel engke jaga.. 
Sangkan hurip dina hirup.. 
Salamet dunya aherat...

Dangdanggula

Basa pasini geus ngajadi.. 
Dina ati jadi aya rasa.. 
Kade ulah dipopoho.. 
Emut kanu sok imut.. 
Kula jadi kapetik asih.. 
Ngolebat dina soca.. 
Aya dina kalbu.. 
Hamo matak pipisahan.. 
Silih simbeuh ku kadeudeuh jeung kaasih.. 
Sing bagja salawasna.. 
 
Free Bulls Eye Purple Cursors at www.totallyfreecursors.com

Postingan Populer