Baru terpikir. Setiap hari kita berucap. Ada seribu bahkan lebih, kata yang keluar dari mulut kita. Tapi pernah tidak kita berpikir kalau setiap kata yg kita ucapkan itu bermanfaat. Hmm terkadang kita tidak tahu bahkan lupa dengan apa yang kita ucapkan pada hari ini. Dan terkadang mulut kita tidak bisa memilih kata yang akan keluar. Apa yang kita pikirkan maka itulah yang terucap. Tapi terkadang apa yg kita pikirkan belum tentu sesuai dengan apa yg kita ucapkan. Hanya melalui kata orang bisa terluka dan hanya lewat kata orang bisa mengerti. Kata atau ucapan hal yg sangat penting bagi manusia tapi terkadang lewat kata pula orang bisa lupa akan jati dirinya. Kata bisa menjadi pedang untuk pemiliknya dan kata juga bisa jadi sanjungan untuk empunya. Hanya lewat kata kadang bisa merubah dunia. Hari ini pun aku tidak tahu kata yg keluar dari mulutku baik atau tidak.
Itu baru sebuah kata dan hanya dari kata.
Maha Besar Allah dengan segala kekuasaannya..
Selasa, 18 November 2014
Rabu, 12 November 2014
Artikel Budaya
‘’TATANÉN
NGAHUMA’’
Indonésia dipikawanoh
ku balaréa salaku nagara agraris, lantaran masarakat Indonésia rata-rata
ngandelkeun hirupna tina widang tatanén atawa ngolah tanah, boh di dataran
rendah atawa sawah, boh di daérah pabukitan atawa huma. Masarakat Indonésia
nyekel prinsip hirup kudu produktif atawa kudu bisa ngahasilkeun.
Pikeun masarakat Sunda
mah tatanén lain hal nu anéh. Sabab nilik kana kahirupan sapopoéna, pakasaban
utama pikeun masarakat Sunda nya éta tatanén. Masarakat Sunda bisa dibagi jadi
tilu kelompok nya éta masarakat huma, masarakat sawah, jeung masarakat basisir.
Kagiatan tatanén nu
nyampak di masarakat Sunda téh nya éta ngahuma. Umumna panghasilan tina ngahuma
bisa nyumponan pikeun kahirupan sapopoé. Prosés atawa prak-prakan tatanén
ngahuma béda jeung prosés melak paré di sawah, sabab sistem ngahuma mah
mangrupa prosés ngagarap tanah sacara tradisional nu ngabutuhkeun waktu panjang
sarta ngabutuhkeun itungan waktu nu luyu jeung usumna.
Ngahuma dina sataun ngan dilaksanakeun sakali
dina itungan bulan kalmia nepi ka bulan katujuh (kapitu) mangsa panén, béda jeung di sawah bisa dua nepi ka tilu
kali dina prosés ngagarapna. Dina bulan kalmia biasana geus mimiti usum mijih,
hartina cai curcor ti mana-mana, sarta angin niup ti beulah kalér bareng jeung
hujan, hartina patani siap pikeun ngagarap pihumaeunnana. Prosés ngahuma ieu sacara gurat badagna
ngawengku kagiatan tatahar (ngolah tanah), melak, ngurus, nepi ka mangsa panén.
Kagiatan ngahuma
dimimitian ku kagiatan ngolah tanah, kagiatan ieu dimimitian ku mérésan
(meresihan) huma tina tatangkalan gedé jeungn tutuwuhan maké kampak jeung
bedog. Biasana kagiatan ieu téh disebut nyacar. Sabada nyacar terus huma
diberesihan tina tutuwuhan anu geus garing, prosés ieu biasana disebut ngarag
atawa miceun runtah. Runtah nu geus garing terus diduruk nepi ka beresih. Huma
nu geus beresih tina runtah nu geus diduruk biasana diantepkeun heula sangkan
taneuh tiis, sanggeus taneuh tiis tuluy dipacul sarta digarpuh, dina tahap
macul ieu biasana taneuh dipacul nepi ka sababaraha kali supaya taneuh alus
nalika dipelakan, tahap ieu disebut tahap ngalelemes. Sabada dilelemes, taneuh
terus disambut atawa digarit maké caplak, fungsina pikeun ngarapihkeun taneuh
sangkan babari nalika dipelakan.
Kagiatan
nu kadua nya éta melak atawa ngaseuk biasana dilakukeun sabada taneuh huma geus
digarit atawa dijalur. Ngaseuk nya éta ngaliangan taneuh ku cara nancebkeun
aseuk, pakakas nu dijieun tina kai nu panjangna kira-kira saméter satengan nu
tungtung kaina rada méncos. Dina prosés ngaseuk jarak ti liang ka liang
kira-kira 20 nepi ka 25 cm, paré nu dipelakeun kira-kira 3-5 siki sapatokna.
Paré nu geus diaseuk terus disaeuran, gunanana pikeun nutup liang nu geus
dipelakan ku paré sangkan teu diacak-acak ku manuk. Salain ti melak paré
biasana di huma sok dipélakan ku rupa-rupa beubeutian saperti jagong, sampeu,
palawija jeung suuk, nu biasa disebut tumpang sari.
Sabada
ngaseuk biasana huma diantepkeun nepi ka umur 3 atawa 4 minggu. Sanggeus paré
umur 3 atawa 4 minggu tuluy paré dioyos. Ari
ngoyos téh nya kagiatan meresihan paré tina tutuwuhan nu ngarangrangan
kana paré, alat nu dipaké ngoyos biasana arit .
Dina
kagiatan katilu nya éta ngurus. Dina kagiatan ngurus biasana ngoyos dilakukeun dua kali pikeun bener-bener
mastikeun paré beresih tina tutuwuhan, prosés ieu sok disebut ngoyos mulihan.
Sabada ngoyos mulihan, biasana sok dilakukeun kagiatan ngoréd. Sabenerna prosés
ngoréd jeung ngoyos teu jauh béda, fungsina téh pikeun meresihan huma tina
tutuwuhan nu ngaganggu kana paré. Alat nu dipaké noréd sarua jeung nu dipaké
ngoyos nya éta koréd atawa congkrang.
Sanggeus
paré maték, biasana sok langsung ngabérak atawa méré gemuk ilaharna gemuk nu
dipaké nya éta TS jeung KCL atawa orea. Sanggeus paré malikas
atawa beukah, paré disemprot maké pestisida
pikeun miceun hama manuk, simeut, beurit, kuuk, kungkang jrrd. Nu biasa
ngaganggu kana prosés patétan bijilna sirung paré.
Salila
nungguan paré gedé, biasana sok diselang ku pepelakan séjén nu biasa disebut
tumpangsari. Tutuwuhan nu dipélak biasana palawija, beubeutian, jagong, kacang,
jrrd.
Panén
atawa dibuat biasana dilaksanakeun saupama paré geus konéng. Dina prosés panén
ilaharna paré diala ngagunakeun étem, tapi kaayeunakeun geus jarang masarakat
nu ngagunakeun étem lolobana sok ngagunakeun arit leutik. Paré nu geus garing
biasana ditalian sapocong-sapocong satuluyna ditunda di leuit.
Sabada
panén lahan huma sok diantepkeun nepi ka taneuh siap dipelakan deui. Waktu
pikeun malikeun kasuburan lahan huma teu bisa ditangtukeun, bisa waé lahan huma
nu geus digarap ayeuna digarap deui dua atawa tilu taun ka hareup biasana lahan
éta téh disebut jami.
Daftar pustaka
Danadibrata,
R. A. (2006). Kamus Basa Sunda.
Bandung: Kiblat.
Danasasmita,
S. (2012). Nyukcruk Sajarah Pakuan
Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Bandung: Girimukti.
Ekadjati, E. (2005).
Kebudayaan Sunda (Suatu Pendekatan
Sejarah) Jilid 1. Jakarta: Pustaka Jaya.
Hidayat, R, dkk.,. (2007). Peperenian
Urang Sunda. Bandung: Kiblat.
Koentjaraningrat. (1985).
Kebudayaan, Mentalitas Dan Pembangunan. Jakarta: PT Gramedia.
Langganan:
Postingan (Atom)