Pages

Labels

Rabu, 09 Juni 2010

SASAKALA GUNUNG PUNTANG



SASAKALA GUNUNG PUNTANG

Gunung Puntang nu aya di wewengkon gekbrong,nyaéta tepatna di sabudeureun awilarang.ieu gunung téh baheula mah asri pisan,pinuh ku tutuwuhan nu subur,tempatna ngeunaheun saupama di paké keur niis.tapi kaayaan ayeuna jauh pisan jeung kaayaan baheula,ayeuna mah ieu gunung the geus rusak ku polah manusa nu teu eureun nuaran tatangkalan nu aya malah ayeuna mah sok di ala keusikna.
Kacaritakeun asal muasal Gunung puntang téh nyaéta hiji tempat nu di paké puntang ku maung ,dihiji lembur nu narana lemburna awilarang ,aya hiji budak nu katelah kuat,jeung bageur.ngaran éta budak téh nyaéta ki Dipa.di sebut kuat téh alatan ti leutik kéneh geus boga kaanéhan,manehna bias ngangkat barang anu beurat,saperti bantal,guguling,padahal  harita umurna karak 3 bulan.dina umur sataun manehna geus bias ngangkat korsi,kasur,jeung sajabana.Disebut bageur téh da memang budakna berehan ka batur,teu koret,jaba tara ceurik mun indungna telat mere dahar.
Waktu umurna tilu taun ki dipa geus bias mantuan indung jeung bapana,meulahan kai keur suluh,ngangkatan kai nu sakitu beurat teu jadi masalah jang ki Dip amah.
‘’Abah,wios wé abah mah leleson ka dituh,keun kai mah ku ujang urang beulahan,’’penta ki Dipa ka bapana.
‘’na..ujang,pan maneh téh karak tilu taun,piraku geus bias jeung kuat meulahan kai anu sakitu badag jeung beuratna..??’’ Tanya bapana sabari reuwas.
‘’tos tidituna wé meureun bah,ujang gé teu ngarti ku kaayaan ieu..!! ayeuna mah jung wé abah geura leleson tong loba mikir,terang tos beres wé ieu kai di beulahan’’.jawab ki Dipa.
‘’seug atuh ari kitu mah jang,sukur ari maneh daek ngabantuan abah mah,ayeuna abah rék ngagoler heula,kadé éta baliung kana suku’’ceuk si abah bari ngagolér.
‘’kantenan wé abah da tos kawajiban ujang nu jadi anak..”jawab ki Dipa deui.
Ku lantaran bageur,KI Dip amah sok pada muji,dalah sok di penta bantuan ku tatanggana.boh ku kolot,komo deui ku batur ulina.atuh lamun meunang buruhan sok langsung di bikeun ka indung bapana,jeung sawarehna sok di bikeun ka jelema nu teu mampu.ku kituna Ki Dipa pada mika nyaah ku sakabeh warga di dinya.
Ki Dipa paling teu reusep ninggali budak harak,komo mun bari ngajak gelut mah,manehna sok langsung ngalayanan.tangtu waé ki Dipa nu meunang.tong boro budak sateupak,pamuda jangkung badag ogé bias manehna angkat.
Dina hiji poé,bapana ki Dipa maot di tekuk maung badag.ki Dipa jeung indungna kacida sedihna,tapi ki Dipa teu katutuluyan sedih,manehna sadar yén ajal mah teu bias di halangan,mun nu kawasa geus nangtukeun nya urang teu bias kumaha.
Hiji waktu ki Dipa manggul kampakna,manehna rék indit ka leuweung rék nuar tangkal kai,teu sambarangan nuarna ogé ku lantaran kudu di pilihan heula,tangkal nu geus kolot kakara dituar,tapi tara loba teuing nuarna ogé lantaran manehna apal lamun loba teuing nuar tangkal bakal nimbulkeun banjir.
Waktu manehna keur ngumpulkeun pangpung,jol aya sora nu ngaraung tarik pisan,monyét jeung bajing pating koceak sarta ngadegdeg,peucang-peucang pada ngacir paheula-heula.
‘’grrrrrrrrrrrrrrr…’’sora maung nu tarik pisan.
‘’heyy..sakadang maung..!! geuning aya anjeun didinya,boa anjeun nu ngarogahala bapa kaula tika henteuna..?? Tanya ki Dipa.
‘’bener,kaula nu ngaroghala bapa anjeun,kabeneran ayeuna gé kaula keur lapar aya anjeun didinya,haaaaaahhhh..” ceuk maung bari ngajol.
‘’hey,,sakadang maung,tong sombong andika,rasakeun wawales kaula keur sato anu telenges model andika..”ceuk ki Dipa bari  teu tatap pasini ngarontok sakadang maung bias ngagiwarkeun awakna.
Teu kungsi lila,si maung ngagaur terus luncat,rék moro ki Dipa sihung jeung kuku maung nu kacida seukeut,ngagurilap ka tojo ku panon poé.
Ki Dipa ngajorowok,hiaaaaaaaaaaaatttttt..!! bari ngagiwarkeun awakna,maung nu luncat teu keuna kana awakna ki Dipa,sabab ki Dipa dongko,teu disangka ku si maung leungeuna ki Dipa ngajeuwang buntut maung terus di betot,di puter-puter,éta maung t’’ di alungkeun satarikna nepika si maung aya di mumunggang gunung,pas si maung rék cengkat,suku si maung ti kosewad,si maung tuluy muntang.

Urut pamuntangan si maung dina mumunggang gunung téh aya tapakna.malah mah gunung nu di puntangan téh ku masyarakat didinya nelah jadi gunung puntang,nu hartina gunung nu jadi pamuntangan si maung basa di alungkeun ku ki Dipa.

0 komentar:

Posting Komentar

 
Free Bulls Eye Purple Cursors at www.totallyfreecursors.com

Postingan Populer