WASTA :
YULI S RAHMAWATI
KELAS : 2B
NIM :1000974
SASAKALA
KAMPUNG BATUKARUT SUKABUMI
Kampung batukarut nu
aya di wewengkon sukabumi,tepatna di kecamatan sukaraja,desa langensari ka
bentuk dina awal taun 1971.mimiti kabentukna ieu kampong téh nyaéta ku ayana
pembangunan waduk batukarut.
Asal muasal di ngaranan
batukarut,kulantaran jaman baheula di kampung anu acan aya narana ieu aya hiji
pabukitan anu mangrupa leuweung lindung anu ngandung cai nyusu.di pabukitan éta
téh aya Batu anu gedé.Batu éta aya di handapeun tangkal Caringin anu masih
leutik keneh,akar tangkal caringin éta ngagapuy nepi kana taneuh.tuluy ka
handapeun batu nu tadi.
Lila kalila tangkal
caringin téh ngagedéan sarta ngajangkungan,akar tangkalna nu ngagapuy tadi téh ngangkat atwa ngais batu nu aya
handapuna,nepika éta batu the ka kerut nepika kaluhur.
Teu lila ti harita
tangkal Caringin anu ngerut batu téh rugrug ku lantaran taneuhna ka bawa ku cai
anu bijil ti jero tangkal.Cai nyusu nu kaluar tina jero tangkal téh kacida
poharana.ari batu nu kakerut tadi
kakeueum ku cai nyusu.Tisaprak harita masyarakat nu aya di sabudeureu éta tempat nyebut tempat éta
Batukarut.
Kiwari cai nyusu nu
kalur tina tangkal caringin téh di mangpaatkeun sarta di taliti ku Dinas
perairan kabupaten Sukabumi, sarta dina awal taun 1970an dinas ngawangun waduk
pikeun irigasi nu bias di mangpaatkeun ku masyarakat. Lian ti éta waduk
batukarut jadi sumber perairan boh kabupaten jeung kota Sukabumi.